Rabu, 26 Agustus 2009

Jadi kaingetan nulis deui

Bismillah...

Inget deui urang te apanan boga blog, nu geus lila teu dipigawean. Geus tara nulis deui...teu dieusian ku tulisan2 urang nu hade(hahaha). Ayeuna dimimitian deui,kaingetkeun ku pa Asep dosen urang di stmik-abg (urang gez kuliah ayeuna mah,ke dicaritakeun).

Ceuk pa Asep salaku guru bahasa Indonesia urang,"Dengan menulis, kita dapat mengetahui sejauh mana kemampuan kita, kelebihan kita serta kekurangannya" hartina ku nulis te urang bisa nyaho dimana kamampuan urang,boh dina kaleuwihan atawa kakuranganana. Ceramahan pa Asep eta ku urang dipikir-pikir deui, heeuh nya aya benerna. Berarti, urang te masih keneh can aya kemampuan jang ngukur kaleuwihan atawa kakurangan urang sorangan, da nyaho ka diri sorangana ge can apal.

Ayeuna mah salain blog, urang ge boga buku diary. Heuheuheu,,itung2 ngaluarkeun isi hate we...paduli tulisana rek alus atawa hade ge (eta2 keneh nya) maksud te paduli teuing eusi tulisana rek hade atawa goreng ge.