Rabu, 26 Agustus 2009

Jadi kaingetan nulis deui

Bismillah...

Inget deui urang te apanan boga blog, nu geus lila teu dipigawean. Geus tara nulis deui...teu dieusian ku tulisan2 urang nu hade(hahaha). Ayeuna dimimitian deui,kaingetkeun ku pa Asep dosen urang di stmik-abg (urang gez kuliah ayeuna mah,ke dicaritakeun).

Ceuk pa Asep salaku guru bahasa Indonesia urang,"Dengan menulis, kita dapat mengetahui sejauh mana kemampuan kita, kelebihan kita serta kekurangannya" hartina ku nulis te urang bisa nyaho dimana kamampuan urang,boh dina kaleuwihan atawa kakuranganana. Ceramahan pa Asep eta ku urang dipikir-pikir deui, heeuh nya aya benerna. Berarti, urang te masih keneh can aya kemampuan jang ngukur kaleuwihan atawa kakurangan urang sorangan, da nyaho ka diri sorangana ge can apal.

Ayeuna mah salain blog, urang ge boga buku diary. Heuheuheu,,itung2 ngaluarkeun isi hate we...paduli tulisana rek alus atawa hade ge (eta2 keneh nya) maksud te paduli teuing eusi tulisana rek hade atawa goreng ge.

Selasa, 14 April 2009

Si Onta

Ieu carita babaturan urang nu ngarana si "Onta". Eta ngaran ngan landian urang jeung berudak sakelas heuheuheu... Ngaran aslina mah keren euy, "Arief Dodi Budiman". Disebut onta te pedah ngaran babehna tata. Siga ngaran amang urang nu di panjalu ^_^ mang tata.

Emang gez jadi kabiasaan di kelas urang ngageroan ka salah saurang babaturan te nyebut ngaran babehna atawa di hereuykeun siga tata jadi onta.hahahaha....Barudak te aya nu baeud mun nyeurikan ngaran babehna te tapi salutlah ka jelema nu hiji ieu mah mental baja,wkwkwkwkwk(teuink kuat kaera teuing eweuh kaera yeuh budak te ;)))

Balik deui ka carita sohib urang nu ngarana arief ieu...Imahna di cimahi, budak cimahi asli si eta mah. Ngaran Bapana Tata Suryana Emakna Suryani. (Suryana-Suryani atuh ^_^hihihi serasi emang). O...nya...hiji deui,,ku barudak sok di sebutan si cameuh da emang cameuh hahahaha onta siah wakakakak yeuh ku urang di upload photo maneh ta ^_^ ku aink poromosikeun hahay :
tuh tingali bengeutna gera,,bengeut polontong ceuk aink mah heuheueheu iank keur mimiti panggih ge sok hayang ribut wae wakakka biwirna beugh,,,siga awewe hahay

Tapina babaturan urang nu paling ngarti urang si eta nya walau terkadang pikasebeuleun oge. Hahahaha Best Partner lah si onta mah ^_^

Sok comment2 karunya photona ku aink pajang meh pajeng wakakakakak ^_^

Minggu, 29 Maret 2009

Kakara Manggih Sangu Deui

Judulna rada ngareuwaskeun euy, lain ku pedah hese manggih sangu, tapi kamari2 urang te teuing kunaon hoream pisan dahar sangu. Teuing naon sababna te urang ge teu apal. Terakhir dahar sangu te pas keur poe juma'ah, eta ge pas dahar beurang di bale cafe 2 nu aya di bale 3.

Poe saptu kamari, diajak ku si "eneng" halah si eneng.....hehehehe ka acara salametan ulang tahun babaturana nu ngarana si "Azrul" (Wilujeng milad bung!!!,,,punten teu tiasa masihan nanaon,,mung do'a ue mugi2 sadaya kahoyong kalaksana, amiiin).

Balik deui kana carita urang nu can manggih sangu.... Di acara ulang tahun eta, aya acara dahar2 di cafe cherys jatinangor nu kabeneran si azrul sorangan nu traktir(Nuhun bung^_^). Angger tidinya urang can hayang dahar sangu, malahan urang mesen spaghetti (hehehe, teuing pedah hayang gaya mereun urang te :->)

Gez ti acara eta, urang nonton film heula di jatos masih na acara ultahna si azrul, si azrul oge traktir meuli tiket asupna (nuhun deui kanggo bung azrul^_^), keur ngeunah2 nonton jeung si eneng eh loba nu nelfon jeung nga sms internet pareum ceunah. Beugh...ceuk urang te da eta mah kan pareum listrikna ge, ke mun gez hurung deui ku urang omean. Kapaksa ue pas balik nonton te urang ngomean internet ti jam 11 nepi ka satengah 12 peuting. Beuteung te karasa lapar keneh, pa usman (satpam bale 2) boga ide meuli martabak. Meuli ue urang te tuluy dahar bareng jeung pa usman.

Balik ka Padma urang aya install-eun PC nu nepi ka postingan ieu dijieun ge can anggeuz keneh ka install (cd-rom na sigana mah geuz goreng optikna euy). Nya atuh sapeuting jeput urang teu sare. Isukna jam 8an urang gez hayang sare, tapi lapar....si kang cecep nitah meuli dahar lontong kari (angger can hayang dahar sangu)ka PAUN alias Pasar Unpad nu unggal poe minggu sok ngaramekeun kampus UNPAD jatinangor. Angger tapina can wareg, ngan teu napsu dahar jadi ueee lapar ge teu karasa nepi ka peuting jam 8an, urang ngajak si tata a.k.a arief (nu kakara balik ti cimahi maghrib tadi) dahar.

Emang bener kaayaan te ngadukung meh urang teu manggih sangu mereun nya... kantin pangestu nu di gigireun padma, teu buka. Tuluy bale cafe 1 jeung 2 gez tutup. Atuh kapaksa urang ngajak ka jatos urang dahar KFC,,tapina urang hayang aya sanguan ta ceuk urang te,,,alhamdulillah tah urang kakara manggih sangu hahahahaa eta ge ngan sakeupeul. Si tata mah teu wareg aink mah cenah. Hahahahaah, urang ge asa lapar keneh, balik ti jatos urang duaan neangan dahar deui. Manggih tukang kebab, meuli ueeee da lapar keneh. Heheheheehe

Gelo pisan uey,,aink wareg huahauhauhauaaa si tara gelo....aink nepi ka kamerkaan kieu euy,,,sapoe ngan dahar lontong kari keur tadi isuk, kabayar ku KFC jeung kebab keur peuting na. Heuehueheuhue

Rabu, 25 Maret 2009

Geus Pere Deui

"Ngeunah pisan maraneh mah euy cuy, datang pas aya acara makan2."ceuk si boz savrol.
"Lha, kersaning gusti boz,hahahaha,,,ari ka jalmi nu bageur mah atuda aya ueee rejekina"jawab urang jeug si tata.

saha si tata?saha si boz savrol?ke urang caritakeun hiji2.

Keur poe saptu kamari urang balik ka cimahi da rek ngumpulkeun laporan akhir jeung poe salasa na te aya ujian nasional kejuruan tingkat SMK. Geus beres kabeh masalah nu aya di sakola eta, urang duaan enggal2 meluncur ka jatinangor kana motor jupiter MX na si tata.blenyeng....ue

Pas nepi pisan ka kantor, gez didudut ku si a cecep.
saha a cecep?ke dicaritakeun.
hayeup pey(landian si tata di kantor), mblay(landian urang di kantor jeung barudak kelas), urang ka bale 3 cenah mah koneksina pareum. Nya atuh urang duaan, eh tiluan jeung si a cecep ka bale 3 rek ngomean koneksi internet.

Kurang leuwih aya kana sa jam an, si kami beres tuluy ka kantor manggihan si boz savrol jeung barudak kantor nu lainna.

Teu lila kakara gek diuk da harita te keur jam 11an rek nincak kana makan siang.
"Ngeunah pisan maraneh mah euy cuy, datang pas aya acara makan2."ceuk si boz savrol.
"Kunaon kitu boz?"ceuk urang duaan.
"rek aya acara makan2 jeung pa dadang di BGG"ceuk si boz. Saha Pa Dadang?ke ku urang dicaritakeun.
"wah,,nu bener yeuh"ceuk urang.
heuheuheuheu,,kabeneran yeuh urang can dahar ti isuk.kakakakakka

Nincak na poe ayeuna kakara nyaho urang poe ayeuna te pere,,tanggal bereum na kalender mah cnah acara nyepi keur umat hindu.

heuehueheueu,,emang ngeunah urang euy....
ayeuna mah rek ulin heula ah jeung si Yam ^_^
saha si Yam?huhuhuhu :"> ke nu ieu khususon ku urang dicaritakeun make sumanget opat lima.hihihihi

Minggu, 22 Maret 2009

Warnet Baru di Cimahi Selatan

Poe ieu, saanggeus beres ngajilid laporan (kantun dicandak wengi^_^) urang jeung si nawaw a.k.a imam ulin ka warnet ieu yeuh nu anyar ngarana te Jo's Net. Sumpah nu ngarana lelet te lelet.

Ya ampuuuuun,,,kakara ngahurungkeun kompi ge,,can nanaun eta mah gez pareum koneksina te. Najan gez hirup deui lambret. Tempatna mah lumayan c ngeunaheun nyaman lah mun ceuk anak2 muda jaman kiwari mah. Bisa gogoleran,,rek nonggeng ge pek wae ari teu era mah,,ahahaha. tapina nyaeta hiji,,,lambret...bret...bret,,,



Kesimpulan Utama saanggez nyobaan ieu warnet anyar LAMBRET hahaha. Teuing pedah anyar mereun nyaaaa, nya mudah2an ueee saterusna mah teu kieu. Jo's Net semoga lebih maju lagh di dukung ku si urang yeuh :->

Sabtu, 21 Maret 2009

Blog anyar urang yeuh

Anyar nyieun blog di blogspot yeuh,hahaha...saacanna geus urang geus nyieun nu versi gaul ceuk budak jaman ayuena mah nu make bahasana te lo gw lo gw tea ning ^_^ tyasa ditingal di http://ahromy.wordpress.com

Hmmmm,,,rek ngomong naon nya...oh enya, sakedeung deui cnah di panjalu rek nyangku. Bejana mah ceuk pun Bapa mah dinten senen kaping 23 Maret 2009. Jadi hayang balik urang euy,,,hayang ningali...kumargi si urang te gez tilu taun teu ningali nyangku. Sigana mah jeung ayeuna te jadi 4 taun mereun.huhuhuu,,,,sedih aya. Soalna mun rek balik pas nyangku te bentrok wae jeung acara nu di sakola,,,ayeuna wae tah contona, poe salasa te rek aya ujian tulis kejuruan cenah mah. Jadi ue si urang te teu bisa balik da kagok. Halah nasib si nasib....

Asa ngeunaheun ngablog make bahasa sunda mah ningan nyaaa,,,hahahaha. Jadi teu kagok da ngomong sapopoe na ge make bahasa sunda,ckckckck

Tapi bahasa sunda nu lemes mah teu bisa euy,,nya ngan sakieu-kieuna mereun nu rada kaitung lemes mah hehehe...asa kagok euy make nu lemes pisan te,,,bahasa sunda nu sapopoe uee lagh meh rada gaul. hahahaha

Salieu heula panginten ah,,,postingan nu mimiti mah dicekapkeun heula sakieu ke dilajengkeun deui urang ngadongeng,,ngadongeng naun uee lagh sangeunahna ^_^