Sabtu, 21 Maret 2009

Blog anyar urang yeuh

Anyar nyieun blog di blogspot yeuh,hahaha...saacanna geus urang geus nyieun nu versi gaul ceuk budak jaman ayuena mah nu make bahasana te lo gw lo gw tea ning ^_^ tyasa ditingal di http://ahromy.wordpress.com

Hmmmm,,,rek ngomong naon nya...oh enya, sakedeung deui cnah di panjalu rek nyangku. Bejana mah ceuk pun Bapa mah dinten senen kaping 23 Maret 2009. Jadi hayang balik urang euy,,,hayang ningali...kumargi si urang te gez tilu taun teu ningali nyangku. Sigana mah jeung ayeuna te jadi 4 taun mereun.huhuhuu,,,,sedih aya. Soalna mun rek balik pas nyangku te bentrok wae jeung acara nu di sakola,,,ayeuna wae tah contona, poe salasa te rek aya ujian tulis kejuruan cenah mah. Jadi ue si urang te teu bisa balik da kagok. Halah nasib si nasib....

Asa ngeunaheun ngablog make bahasa sunda mah ningan nyaaa,,,hahahaha. Jadi teu kagok da ngomong sapopoe na ge make bahasa sunda,ckckckck

Tapi bahasa sunda nu lemes mah teu bisa euy,,nya ngan sakieu-kieuna mereun nu rada kaitung lemes mah hehehe...asa kagok euy make nu lemes pisan te,,,bahasa sunda nu sapopoe uee lagh meh rada gaul. hahahaha

Salieu heula panginten ah,,,postingan nu mimiti mah dicekapkeun heula sakieu ke dilajengkeun deui urang ngadongeng,,ngadongeng naun uee lagh sangeunahna ^_^

Tidak ada komentar:

Posting Komentar