Minggu, 29 Maret 2009

Kakara Manggih Sangu Deui

Judulna rada ngareuwaskeun euy, lain ku pedah hese manggih sangu, tapi kamari2 urang te teuing kunaon hoream pisan dahar sangu. Teuing naon sababna te urang ge teu apal. Terakhir dahar sangu te pas keur poe juma'ah, eta ge pas dahar beurang di bale cafe 2 nu aya di bale 3.

Poe saptu kamari, diajak ku si "eneng" halah si eneng.....hehehehe ka acara salametan ulang tahun babaturana nu ngarana si "Azrul" (Wilujeng milad bung!!!,,,punten teu tiasa masihan nanaon,,mung do'a ue mugi2 sadaya kahoyong kalaksana, amiiin).

Balik deui kana carita urang nu can manggih sangu.... Di acara ulang tahun eta, aya acara dahar2 di cafe cherys jatinangor nu kabeneran si azrul sorangan nu traktir(Nuhun bung^_^). Angger tidinya urang can hayang dahar sangu, malahan urang mesen spaghetti (hehehe, teuing pedah hayang gaya mereun urang te :->)

Gez ti acara eta, urang nonton film heula di jatos masih na acara ultahna si azrul, si azrul oge traktir meuli tiket asupna (nuhun deui kanggo bung azrul^_^), keur ngeunah2 nonton jeung si eneng eh loba nu nelfon jeung nga sms internet pareum ceunah. Beugh...ceuk urang te da eta mah kan pareum listrikna ge, ke mun gez hurung deui ku urang omean. Kapaksa ue pas balik nonton te urang ngomean internet ti jam 11 nepi ka satengah 12 peuting. Beuteung te karasa lapar keneh, pa usman (satpam bale 2) boga ide meuli martabak. Meuli ue urang te tuluy dahar bareng jeung pa usman.

Balik ka Padma urang aya install-eun PC nu nepi ka postingan ieu dijieun ge can anggeuz keneh ka install (cd-rom na sigana mah geuz goreng optikna euy). Nya atuh sapeuting jeput urang teu sare. Isukna jam 8an urang gez hayang sare, tapi lapar....si kang cecep nitah meuli dahar lontong kari (angger can hayang dahar sangu)ka PAUN alias Pasar Unpad nu unggal poe minggu sok ngaramekeun kampus UNPAD jatinangor. Angger tapina can wareg, ngan teu napsu dahar jadi ueee lapar ge teu karasa nepi ka peuting jam 8an, urang ngajak si tata a.k.a arief (nu kakara balik ti cimahi maghrib tadi) dahar.

Emang bener kaayaan te ngadukung meh urang teu manggih sangu mereun nya... kantin pangestu nu di gigireun padma, teu buka. Tuluy bale cafe 1 jeung 2 gez tutup. Atuh kapaksa urang ngajak ka jatos urang dahar KFC,,tapina urang hayang aya sanguan ta ceuk urang te,,,alhamdulillah tah urang kakara manggih sangu hahahahaa eta ge ngan sakeupeul. Si tata mah teu wareg aink mah cenah. Hahahahaah, urang ge asa lapar keneh, balik ti jatos urang duaan neangan dahar deui. Manggih tukang kebab, meuli ueeee da lapar keneh. Heheheheehe

Gelo pisan uey,,aink wareg huahauhauhauaaa si tara gelo....aink nepi ka kamerkaan kieu euy,,,sapoe ngan dahar lontong kari keur tadi isuk, kabayar ku KFC jeung kebab keur peuting na. Heuehueheuhue

Tidak ada komentar:

Posting Komentar